:

2 Raja-raja 18

1

Hiskia putra Ahas jadi raja nagara Yuda meneran taun katilu Hosea putra Ela jadi raja nagara Israil,

2

dina yuswa dua puluh lima taun. Calikna di Yerusalem, ngarajaanana dua puluh salapan taun. Jenengan ibuna Abia binti Jakaria.

3

Lampahna nulad Raja Daud karuhunna, pikamanaheun PANGERAN.

4

Anjeunna ngabasmi tempat-tempat ibadah ka brahala, pilar-pilar pamujaan digempur, arca-arca Dewi Asera dicacag; Nehustan, nya eta oorayan tambaga damelan Musa oge dibubukkeun da sok dikarukusan keneh ku urang Israil, diparuja.

5

Hiskia ibadahna ngan ka PANGERAN Allah Israil. Kakara harita urang Yuda boga raja anu saperti anjeunna, tur teu kungsi ngalaman boga deui.

6

Ka PANGERAN kacida ngestona, tara baha, tuhu kana sagala timbalan PANGERAN anu diandikakeun ka Musa.

7

Ku sabab kitu ku PANGERAN henteu kendat disarengan. Sagala damelna lulus tur mulus. Anjeunna teu kersa tunduk ka raja Asur.

8

Urang Pelisti dielehkeun, tempat-tempatna ti kampung pangleutikna nepi ka kota nu panggedena, kaasup Gasa jeung sakurilingeunana digempur.

9

Dina taun kaopat Hiskia ngarajaan, meneran taun katujuh Hosea ngaheuyeuk Israil, dayeuh Samaria di Israil dikepung ku Salmaneser raja Asur.

10

Sanggeus dikepung tilu taun, meneran taun kagenep Hiskia ngaheuyeuk nagara Yuda, dina taun kasalapan Raja Hosea ngaheuyeuk nagara Israil, dayeuh Samaria beunang ku musuh.

11

Urang Israil diboyong ka Asur. Ditempatkeunana aya anu di Halah, aya anu di Gosan sisi Walungan Habor, aya anu di wewengkon Madayin.

12

Samaria nepi ka beunang teh lantaran urang Israil baha ka PANGERAN Allahna, malungkir tina sarat perjangjian Mantenna ka maranehna, nyalingkir tina hukum-hukum anu ku PANGERAN diturunkeun ka Musa abdi-Na. Maranehna teu daraekeun ngadenge jeung teu daraek narurut.

13

Dina taun kaopat belas Raja Hiskia ngaheuyeuk nagara, kota-kota benteng di nagara Yuda ditarajang ku Sanherib raja Asur, jeung dibeunangkeun.

14

Hiskia ngintun utusan ka Sanherib di Lakis. Saurna, "Kaula tarima dosa. Mugi Sang Raja ulah kateterasan nempuh. Naon bae sapamundut sumeja disubadanan." Raja Asur ngawalerna teh mundut perak sapuluh rebu kilo jeung emas sarebu kilo.

15

Ku Hiskia ditumutkeun, perakna nyandak ti Bait Allah jeung ti kamar rajabrana karaton,

16

emasna meunang ngalaanan tina panto-panto Bait Allah jeung tina bangbarung-bangbarung panto beunang anjeunna ngalapis, tuluy dikintunkeun ka Sanherib.

17

Tapi raja Asur tuluy nginditkeun balad gede ti Lakis sina nempuh ka Hiskia di Yerusalem, dikapalaan ku tilu gegeden agung. Sanggeus narepi ka Yerusalem, eta balad ngarandeg di sisi jalan lebah pakampungan tukang ngaput, sisi solokan anu ngocorkeun cai ti empang girangeunana.

18

Gegedugna ceceluk ka Raja Hiskia. Jol tilu gegeden Hiskia nepungan, nya eta Elyakim bin Hilkia, kapala rumah tangga karaton, Sebna panitera karaton, jeung Yoah bin Asap, bendahara nagara.

19

Ngong hiji gegeden Asur ngomong, pokna raja Asur palay uninga Hiskia kagungan andelan naon.

20

Carekna deui, "Marukan ari omongan teh bisa ngungkulan kaahlian jeung kakuatan tentara? Saha anu dipiandel, mana wani baha ka raja Asur teh?

21

Maraneh ngarep-ngarep pitulung Mesir anu teu beda ti iteuk regang haur, gampang potong, kecos kana leungeun sorangan. Kitu ibaratna ngaharep pitulung Mesir teh."

22

Eta gegeden Asur terus keneh ngomongna, "Atawa dumeh ngaharep pitulung PANGERAN, Allah maraneh tea? Kapan tempat-tempat pamujaanana oge geus tumpur ku Hiskia, da cenah urang Yuda jeung urang Yerusalem mah ngan kudu ngabakti make altar hiji bae anu di Yerusalem.

23

Kalawan asmana raja kami, kami daek nawaran ka maraneh kuda dua rebu, dapon boga jelemana anu barisa tumpak.

24

Ka perwira kami anu panghandapna ge maraneh teh hamo kuat. Make rek ngalawan pedah boga harepan bakal dikirim pasukan kareta jeung pasukan kuda ku Mesir!

25

Marukan kami narajang ka nagara maraneh teh teu dibantu ku PANGERAN? Puguh anu nitah narajangna oge PANGERAN!"

26

Elyakim, Sebna jeung Yoah ngawalon, "Sasauranana sae ku basa Aram bae da kaula ngartos. Ulah ku basa Ibrani, margi kakupingeun ku itu jalmi-jalmi anu di luhur kuta."

27

Ari tembalna, "Dikira raja kami miwarang ngomong teh ngan ka maraneh jeung ka si raja? Kami ngomong teh ngahaja ka itu ongkoh anu rajeg dina luhur kuta, anu bakal ngahakan kokotorna jeung ngarinum cikiihna sorangan, sakumaha kahayang maraneh!"

28

Geus kitu eta gegeden teh ngagorowok ku basa Ibrani, pokna, "Darengekeun ku maraneh timbalan raja Asur anu agung!

29

Timbalanana, maraneh ulah kagelo ku Hiskia, da eta teh moal bisaeun nyalametkeun.

30

Ulah beunang kabobodo magar kudu muntang ka PANGERAN. Ulah boga panyana bakal ditulungan ku PANGERAN. Ulah ngira PANGERAN bakal megatan kami bangsa Asur ngarebut nagara maraneh.

31

Geus ulah ngadarenge ka Hiskia. Timbalan raja Asur maraneh mending barijil serah bongkokan. Lamun kitu tanwande pibisaeun keneh ngahakan buah anggur pelak sorangan, buah kondang pelak sorangan, ngarinum tina sumur sorangan,

32

nepi ka engke ku raja Asur dipernahkeun di hiji tanah anu sarua alusna jeung anu ieu, sagala aya. Hayang anggur, kebon anggur aya, hayang nyaratu roti, kebon gandum aya, hayang minyak jetun saluluar kebon jetun wungkul, turug-turug loba madu. Lamun harayang hirup kudu narurut, bisi dipaehan! Tong daraek dibobodo ku Hiskia majar bakal dijait ku PANGERAN.

33

Cik, dewa bangsa mana anu geus bisaeun ngaluputkeun nagarana ti raja Asur?

34

Mana ayeuna dewa-dewa nagri Hamat, nagri Arpad, nagri Separwaim, nagri Hena, nagri Iwa? Ti eta dewa-dewa cik mana anu geus bisaeun ngabelaan Samaria?

35

Iraha aya dewa salah sahiji nagara anu bisaeun nyalametkeun nagarana ti raja kami? Na kumaha ari maraneh, make boga pikiran yen PANGERAN tangtu bisaeun nyalametkeun Yerusalem?"

36

Jalma-jalma dina luhur kuta mani jempling taya anu kecet-kecet, sabab ku Raja Hiskia geus ditimbalan ulah ngajawab.

37

Elyakim, Sebna jeung Yoah nepi ka nyosoeh pakeanana bawaning ku ngenes, tuluy marek deui ka Raja Hiskia, ngunjukkeun ucap-ucapan eta gegeden Asur.

Link: